
doel sumbang - urang sunda lyrics
[intro]
kamarana ari urang sunda?
disebut euweuh, aya
disebut aya, heueuh kamana atuh?
[verse 1]
urang sunda ka marana?
urang sunda di marana?
urang sunda, urang mana?
urang sunda, anjeun saha?
naha ngan saukur nu nyicingan pulau jawa?
naha ngan saukur lalajo bari k_métap?
gancang, geura hudang, buka ceuli, buka mata
geura témbongkeun, urang sunda ogé bisa
[pre_chorus]
témbongkeun, urang gé bisa méla nagara
témbongkeun, urang gé bisa jadi pamingpin
urang gé bisa nangtung ajeg jeung kawasa
lain saukur bisa unggeuk jeung k_mawula
[chorus]
si kabayan urang sunda
urang sunda lain si kabayan
si kabayan urang sunda
urang sunda ulah jadi si kabayan
[verse 2]
anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
atawa calangap ngitungan béntang di langit, deudeuh
mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
pikiran deui naon nu dipikareueus
lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
[bridge]
kuring melang hiji waktu urang kababayan
urang bakal kababayan
ukur bisa kababayan
salawasna kababayan
teu hararayang!
[non_lyrical vocals]
sok buktikeun, lamun enya urang sunda téh aya kénéh
tempokeun yén urang téh aya kénéh
ulah siga ayеuna disebut aya da teu kaciri
ari disebut еuweuh, da loba kénéh anu ngaku aya
kamarana atuh urang sunda téh, euy?
hudang!
kade ah!
[chorus]
si kabayan urang sunda
urang sunda lain si kabayan
si kabayan urang sunda
urang sunda ulah jadi si kabayan
[verse 2]
anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
atawa calangap ngitungan béntang di langit, deudeuh
mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
pikiran deui naon nu dipikareueus
lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
[bridge]
kuring melang hiji waktu urang kababayan
urang bakal kababayan
ukur bisa kababayan
salawasna kababayan
[chorus]
si kabayan urang sunda
urang sunda lain si kabayan
si kabayan urang sunda
urang sunda ulah jadi si kabayan
[outro]
ulah jadi si kabayan!
Random Lyrics
- warner mack - rainin' in my heart lyrics
- warner mack - rose garden lyrics
- warner mack - searchin' lyrics
- warner mack - she goes walking through my mind lyrics
- warner mack - sittin' in an all nite cafe lyrics
- warner mack - sittin' on a rock (cryin' in a creek) lyrics
- warner mack - someday (you'll want me to want you) lyrics
- warner mack - sunshine bring back my sunshine lyrics
- warner mack - surely lyrics
- warner mack - tell me to go (tell me to stay) lyrics